-->

Dongeng Kunaon Bangkong Korodok

Ieu salah sahiji dongeng basa Sunda di blog ieu nu judulna Kunaon Bangkong Korodok
Kunaon Bangkong Bet Korodok. Ieu carita pondok atanapi carpon fabel ngangge basa Sunda.

Ieu sasakala kawitna ti nagri nu tebih pisan, nyaeta Brasil, ditarjamahkeun ku sim kuring kanggo bacaan urang sadayana.

Mangga ah urang kawitan.


Dongeng Kunaon Bangkong Korodok?


Sakali dina hiji waktos, lami sareng tos lami pisan, waktu eta bangkong kagungan kulit anu mulus.

Dina eta waktos anjeunna sato anu sibuk pisan, sok kukuluyuran. Anjeunna hese kapendak di bumina nyalira.

Upami aya anu gaduh hajat anjeunna pasti angkat, sanaos jauh ti bumina, atanapi lami lalampahan pasti ku anjeunna dijugjug.

Hiji dinten bangkong nampi ondangan kanggo dongkap ka hajat di langit.

"Anjeun moal tiasa sumping ka hajat ieu," saur sobatna, si peusing. "Anjeun terang kumaha lalaunana anjeun ngalengkah di ieu bumi."

"Bandungan sareng tingali weh, kuring pasti nepi ka tempat hajat." Saur bangkong.

Henteu jauh ti imah bangkong cicing aya bumi heulang anu hideung tur gedé. Teu aya anu resep ka eta heulang. Sadayana manuk sareng sato alim wauh ka manehna.

Gambar bangkong
Bangkong angkat ka bumi heulang. Kaleresan Heulang aya di luar panto nuju maen musik ngangge biola. "Wilujeng énjing, Sobat heulang," saur bangkong. "Dupi anjeun teh badé ngahadiran hajat di langit?"

Heulang ngajawab yén anjeunna badé angkat.

"Saé atuh," saur bangkong. "Dupi abdi tiasa janten rencang kanggo angkat ka ditu?"

Heulang éta bungah yen bangkong neangan rencang. Ieu pangalaman anyar.

"Kuring bakal resep mun angkat sareng anjeun," jawab heulang. "Tabuh sabaraha urang badé ngamimitian?"

"Urang badé mimitian tabuh opat," saur bangkong. "Datang ka bumi kuring, urang engke angkat ti ditu. Tong khilaf candak biola anjeun."

Angkat ka Hajatan

Pas tabuh opat heulang sumping di imah bangkong. Anjeunna nyandak biola, sabab tos janji ka bangkong.

"Kuring henteu patos siap," gorowok bangkong ti jero. "Tinggalkeun biola anjeun di palebah panto teras lebet ka jero. Ngan ukur peryogi sababaraha menit kanggo kuring ka jamban."

Heulang neundeun biola na ati-ati di luar panto sareng lebet ka jero bumi bangkong. Sabot kitu, Bangkong ngagajleng kana jandéla sareng nyumput dina jero biola.

Heulang ngantosan lami si bangkong nu nuju siap-siap, tapi anjeunna henteu nguping sora si bangkong.

Ahirna anjeunna bosen ngantosan. Anjeunna nyandak biolana teras weh angkat.

Nalika heulang dugi ka tempat hajat anjeunna telat, tapi anjeunna ngajelaskeun kumaha caritana ngantosan si bangkong.

"Bodo weh ngadagoan si bangkong mah," saur nu gaduh hajat. "Kumaha caritana bangkong tiasa dongkap ka hajat  di langit? Kuring ngondang anjeunna ngan ukur heureuy margi anjeunna sapertos anu sarba sibuk.

Heulang neundeun biolana. Pas teu aya anu ninggali, si bangkong kaluar.

Anjeunna seuri bari ngecewis, "Jadi aranjeunna nginten kuring moal sumping ka hajat! lucu pisan! Maranehna bakal heran ningali kuring aya di dieu!" saur anjeunna.

Henteu aya saurang ogé di salametan anu teu gaduh kaisin sapertos si bangkong.

Nalika heulang naros kumaha anjeunna tiasa sumping, anjeunna nyarios: "Engke kuring bakal nyarita." Teras anjeunna neraskeun tuang sareng ngigel.

Heulang henteu ngagaduhan waktos lami. Anjeunna mutuskeun yén anjeunna badé mulih énggal-enggal. Anjeunna mulang tapi teu pamitan ka nu gaduh hajat, sarta henteu nyandak biola na.

Bangkong Murag

Dina tungtung pésta éta bangkong lebet deui ka jero biola sareng ngantosan heulang mawa balik ka bumi.

Tapi teu aya wae anu ngangkat biola, bangkong mimiti hariwang pisan. Manehna ngaraos kaduhung dongkap ka dinya.

Saatos sababaraha waktos si gagak nimu eta biola. "Ieu biola milik si heulang. Anjeunna pasti hilap nyandak ka bumi. Abdi bakal ngauihkeun ka anjeunna," saur si gagak.

Gagak ngapung ka bumi kalayan nyandak biola. Si bangkong oyag-oyagan dina jeroeun biola. Anjeunna jadi capé pisan. Si gagak oge ngarasa kacapéan.

"Kuring moal bakal mawa biola heubeul tur beurat milik si heulang ieu lami-lami," saur gagak. "Kuring ngaraos bodo nawiskeun kanggo mawana. Heulang sanés réréncangan abdi."

Anjeunna ngantep biola murag. Turun, lungsur ka bumi.

"Batu, batu.. halik ulah aya di dinya," jerit si bangkong nalika anjeunna murag. Nya batu mah budeg. Aranjeunna henteu nyalingkir, cicing wae.

Nalika bangkong ngorondang kaluar tina biola anu rusak, anjeunna tatu parna sakujur awak nepi ka hese mulang ka rorompokna.

Si Heulang henteu kantos terang nasib biolana atanapi naha kunaon bangkong tatu.

Nepi ka dinten ieu bangkong kulitna janten korodok. Ayeuna anjeunna parantos kapok kanggo kukuluyuran deui.

Baca oge: Dongeng Basa Sunda Kunaon Maung Bet Belang

Cag, dugi ka dieu wae Dongeng Kunaon Bangkong Korodok teh. Miharep ieu carita pondok tiasa dicandak elmuna. Mangga ah, amit undur.
LihatTutupKomentar