-->

Adab Sopan Santun Sunda

Kanggo urang Sunda, Adab Sopan Santun ieu kedah terang. Supados teu khilaf atanapi tilem
Adab Sopan Santun Sunda. Ninggal barudak ayeuna mah meuni watir. Siga nu teu garaduh adab bekel hirup sateuacana.

Angkat ka sakola teh siga nu ngan hungkul angkat weh. Tapi kana palajaran siga nu hare-hare.

Nyarios sangeunahna. Kumaha abdi wae. Komo mun ngobrol sareng rerencangana teu leupas tina "kancing coplok".

Guak gaik. Nepi teu ngaraos ku rerencangana disebut sato nyaeta gukguk. Damang weh.

Ku rerencangana disebat sato atanapi digoroan sato, jongjon weh teu ngaraos keheul atanapi ngambek. Da biasa tea.

Manehna ge da sami, ka babaturana nyebut sato. Sami, teu ngaraos salah. Sedih ngabandungana.

Padahal mah mun maranehna hoyong ngalenyeupan leuwih jero, pastina kedah ngaraos ambek.

Maenya, manehna manusia nu mulia, tapi digoroan ku ngaran sato. Atanapi disaruakeun sareng sato.

Contona:
"Sia gukguk"
"Ah sia jeuk aing oge gukguk, dibejaan teu percaya"

Sareng, conto-conto lainna.

Lempeng weh. Asa teu aya nu lepat cariosan kitu teh. Asa teu isin kana diri nyalira. Yen eta teh salah.

Ah walatir. Cobi perhatoskeun, maranehna siga nu barangga lamun nyarios bari aya ucapan kasar teh. Aneh.

Seueur anu hoyong dicarioskeun teh. Tapi ayeuna mah mangga urang diajar adab sopan santun urang Sunda.

Supados teu leungit. Sareng tiasa diamalkeun dina kahirupan urang sadayana dina kahirupan sapopoe.

Gambar ilustrasi

Adab Sopan Santun Sunda

Seueur nu namina adab sopan santun teh, tapi punten sim kuring ngan terang sakedik. Janten mun aya nu kaliwat atanapi kirang, nyuhunkan dihapunten.

Mangga urang pedar.

1. Punten

Lamun hidep ngaliwat di payuneun jalmi nu tos sepuh, atanapi saluhureun,  kedah nyarios punten.

Teras lamun ngaliwat di payuneun bumi batur, kaleresan aya jalmina, sami kedah punten.

Nganjang ka lembur batur, aya nu nuju caralik di sisi jalan, kedah punten oge. Bade nyelang cariosan dina acara anu resmi, tong khilaf nyarios punten.

2. Dongko

Bilih aya nu teu teurang dongko naon, dongko teh ngabongkokeun awak nyalira.

Lamun hidep nu geulis sareng nu kasep nuju aya dinu riungan, komo mun aya sepuh mah, bilih bade ngaliwat, kedah dongko.

Kumaha dongkona? Panangan katuhu diturunkeun nepi ka siga bade nempel ka taneuh. Dibarengan ku awak diturunkeun oge ka handap.

Bari nyarios, "punten". Eta adab nu sae. Ngahargaan anu kaliwatan.

3. Nunjuk ku Jempol

Lamun nunjuk arah atanapi nunjukkeun jalan ka nu teu dikenal, komo ka jalmi nu tos kolot ulah ngangge curuk.

Tapi ngangge jempol. Sedeung jari anu opat dirangkepkeun. Teras panangan kenca, nyekel kana pigeulang panangan katuhu.

4. Emam Ulah Ceplak.

Lamun nuju tuang, ulah kadangu ceplak. Teu sopan. Komo nuju dina riungan mah.

Coplak teh nyaeta tuang bari kadangu suara "cak cek cap clap". Rada sesah dijelaskeun, tapi hidep pasti ngalartos.

5. Malapah Gedang.

Lamun bade aya permaksadan atanapi babadamian, teu kenging langsung kana tujuan poko.

Kedah aya basa basi heula sateuacana. Saduk saduk nyuhunkeun dima'lum atanapi dihapunteun bade nyarios atanapi kaperyogian.

6. Teurab

Lamun tos tuang tong teurab sambarangan. Komo dipayuneun kolot mah, namina teu sopan.

7. Hitut.

Teu kenging sambarangan hitut. Bade dipayuneun sasaha oge. Omat teu kenging.

8. Sila Sareng Emok

Lamun nuju dina riungan, komo mun aya sepuh. Hidep nu kasep lamun calik kedah sila. Hidep nu geulis kedah emok.

9. Nyandak Tuangeun.

Lamun nuju ngariung, teras aya suguhan emameun. Teu kenging urang nyandak tipayun.

Kedah ngantosan jalmi nu tos kolot nyandak emameun tipayun. Nembe urang tiasa ngiringan.

10. Sesebatan

Lamun nyebat ka saluhureun, mun anjeuna lalaki kedah nyebut "aa, akang". Mun anjeuna istri kedah nyebat "teteh atanapi eceu, ceceu".

Teu kenging nyebat namina langsung!!

Ka jalmi sepuh kedah nyebat "mang, emang, ibi, pa, bapa, aki, nini"

11. Ngadegungkeun Mastaka

Teu kenging ngadegungkeun mastaka. Bade kasasaha oge, sanaos ka murangkalih.

12. Nyiduh Sambarangan

Teu kenging nyiduh sambarangan, komo nyiduh payuneun sepuh mah. Kawalat.

13. Melak Cangkeng.

Mun urang melak cangkeng, katingalna siga jalmi sombong. Janteun, hidep tong dibiasakeun melak cangkeng.

14. Neuteup Soca

Lamun nyarios sareung sepuh, tong neuteup soca. Sareng kedah ngadangukeun sing regep. Teu kenging motong cariosan sateuacan rengse.

15. Nawisan Tuangeun atanapi Leueuteun

Lamun nuju tuang atanapi ngaleueut, diusahakeun nawisan mun batur ningal.

16. Nyuguhan

Lamun aya tamu dongkap ka bumi kedah dipasihan suguhan, sanaos ngan cai hungkul.

Leuwih sae lamun nyuguhan tuangeun. Komo mun mekelan tamu nalika bade uih mah langkung sae.

17. Naros Nu Liwat

Lamun aya nu liwat di payuneun bumi atanapi di jalan, mun tiasa naros. Misalna, "bade ka mana/marana?"

Komo lamun nawisan leueuteun kanggo jalmi anu teu dikenal / ngalangkung, leuwih sae.

18. Nyarios Lemes

Lamun ka saluhureun atanapi sepuh, nyarios kedah lemes.

Panutup

Tingal. Adab sopan santun Sunda sakitu saena. Duka kumaha, ayeuna mah tos teu kaangge sigana.

Padahal lamun dilarapkeun dina kahirupan urang sapopoe, manusa teh dimanusakeun pisan. Luhung.

Cag, dicekapkeun sakieu wae palajaran Adab Sopan Santun Sunda ieu. Bilih aya nu lepat, nyuhunkeun dihapunteun. Bilih bade nambihan, mangga diantos dina komen, email atanapi WA. Hatur nuhun.
LihatTutupKomentar