-->

Dongeng Si Kabayan Maen Gapleh

Carita pondok atanapi carpon bahasa Sunda nu nyarioskeun Si Kabayan Maen Gapleh diambekan ku nyi Iteung
Dongeng Si Kabayan. Dina carita pondok atanapi carpon nu kamari nyarioskeun kunaon pamajikan si Kabayan jadi bageur.

Dina bahasan ayeuna masih nyaritakeun parihal nyi Iteung. Nyarioskeun kunaon bet manehna bet dilandih Tantri Kotak.

Hayu ah urang aos carpon na.

Dongeng Si Kabayan Maen Gapleh

Si Kabayan sore eta keur nongkrong di handapeun tangkal rambutan sisi jalan.

Manehna diuk dina bangku awi. Biasana loba nu ngadon ngarobrol dina eta bangku, kusabab ngenaheun. Tiis tur iuh.

Salian ti eta bisa ningali jalma nu laliwat. Mun babaturan salembur bisa digoroan keur batur ngobrol.

Kabeneran aya si Endul liwat. Nya ku si Kabayan digoroan, "Dul kadieu".

"Aya naon kabayan?"

"Eweuh, mun di warung mah loba," waler si Kabayan bari nyelengeh seuri.

"Yeeeh... Eta mah neon bedul," carios si Endul bari ngilu seuri.

"Peuting engke urang gapleh yuk," ucap si Kabayan, "uing hayang hiburan, kumaha?"

"Nya, siap. Tapi pamajikan maneh kumaha. Nyarekan moal?" Waler si Endul sumanget.

"Tenang. Asal ulah gujrud weh. Urang atur," jawab si Kabayan.

"Nya ari kitu mah alus. Ke ku uing urang teangan batur. Supaya jangkep opatan. Tapi di dinya nu mawa opieun."

"Beres masalah eta mah. Nyaho aya weh. Ayeuna uing ka warung. Ngke panggih deui peuting nya," ucap si Kabayan bari ngojengkang.

"Enya."
Gambar ilustraai


Si Kabayan indit ka warung rek meuli opieun keur engke acara peuting.

Maen Gapleh

Peutingna si Kabayan susulumputan kaluar ti imah. Sieun kapanggiheun ku nyi Iteung.

Nepi ka pos ronda tempat biasa maraen gapleh, nyampak si Endul, Si Ading jeung si Soma geus nungguan.

Nya der weh maranehna maen gapleh. Rt an. Nu eleh, ceulina dijepit ku jepit paranti moe baju bari sina ngocok kartu.

Kabeneran Si Kabayan keur boga nasib alus, can jadi RT. Nya manehna sumanget maenna. Tapi.... keur resep kitu... kadangu aya sora anu ngajelengeng ti kajauhan.

"Kang Kabayan..... Baliiik."

"Hadeuh eta si Iteung sorana. Siga Tantri Kotak wae. Sakitu jauh ti imah ka dieu tapi bet nepi, jeung ngaheang deuih," ceuk si Endul bari seuri. Ngadenge kitu kabeh ge ngilu seuri kaasup si Kabayan.

"Hampura pisan euy, uing kudu balik. Tapi rek kumaha deui. Nini lampir tos nyauran, bahaya mun teu dibere panto engkena. Bisa-bisa uing sare di tepas," ucap si Kabayan bari seuri. Tapi siga nu beurat bujurna pikeun ngalengkah.

"Nya jug ka ditu. Tenang urang geroan si Ucen keur ngagantian maneh mah," jawab si Endul bari nyerengeh.

"Nuhun atuh. Yu ah."

"Nya. Kade."

Si Kabayan buru-buru balik da sieun tea. Nepi ka imah katinggal nyi Iteung keur jamedud.

Si Kabayan Ngarayu Nyi Iteung

"Rek kikituan wae hah. Ninggalkeun pamajikan terus. Engke kumaha mun Iteung diculik," nyi Iteung ngawakwak bari judes.

"Hampura neng geulis. Akang iseng. Sakali-kali mah teu salah atuh. Neangan hiburan," jawab si Kabayan.

"Enya sakali-kali, tungtungna kabiasaan,"

"Moal atuh. Pedah weh tadi mah rame, jadi weh garapleh."

"Halah alesan. Pasti tadi nyebut Iteung Nini Lampir nya di hareupeun batur?"

"Henteu neng. Maenya pamajikan akang nu geulis ieu disebut nini lampir. Asa teu pararantes."

"Ah bohong, Iteung pernah ngadenge ti babaturan akang yen akang sok nyebut neng, nini lampir."

"Ih salaah.  Akang mah sok ngebut si cantik Prilly. Eta geuning artis nu lucu di tivi tea. Neng mah salah dangu ah"

"Bener?" tanya nyi Iteung bari rada sura seuri. Ngaraos bungah disaruakeun jeung Prilly Latuconsina.

"Bener atuh Nyi, maenya akang bohong," jawab si Kabayan bari noel gado nyi Iteung nu masih ulungah elengeh, "Ah dasar awewe resep dibohongan ku batur teh. Tur resep ngabohongan diri sorangan. Nu puguh mah manehna teh siga Chelsea Islan, lain Prilly," gerentes hate si Kabayan.

Nya maranehna duaanana lalebet ka jero bumi.

Baca oge: Dongeng Basa Sunda Kunaon Maung Bet Belang.

Cag ah dugi kadieu carpon atanapi Dongeng si Kabayan Maen Gapleh ieu. Bilih aya nu lepat nyuhunkeun dihapunten, ieu mah ngan eureuy atawa lucu-lucuan. Muga-muga urang tiasa patepang deui engkena. Hatur nuhun.
LihatTutupKomentar