-->

Dongeng Si Kabayan Saba Kota

Carpon atanapi carita pondok ieu nyarioskeun dongeng si Kabayan mangkat kota
Si Kabayan Saba Kota. Ieu carita pondok atanapi dongeng nyarioskeun sifat si Kabayan anu bedegong. Gara-gara sifat gorengna ieu manehna malah jadi keuna ku masalah.

Kumaha caritana? Hayu ah urang guar.


Dongeng si Kabayan Saba Kota

Si Kabayan gaduh babaturan deukeut, namina si Endul. Batur ulin ti aalit.

Maranehna gaduh sifat anu teu sami. Si Kabayan jalmina merekedeweng, ari si Endul mah babari ngelehan. Matak rada alakur.

Saentos lulus ti sakola maranehna papisah. Si Endul nyaba ka kota, usaha, sedeungkeun si Kabayan cicing di lembur, tani.

Lami ti lami maranehna teu patepang. Saatos sababaraha lebaran, kaleresan dina lebaran ieu maranehna ditakdirkeun papanggih deui.

Si Endul ayeuna jadi jalmi nu jegud. Uih ka lembur teh nyandak mobil anu sae. Atuh puguh si Kabayan bungah tur panasaran.

"Usaha maneh naon bisa ginding kieu tur mawa mobil hade kitu Endul?" taros si Kabayan panasaran. Waktos maranehna nuju ngopi bareng di tepas imah. Harita rengse Isya si Endul nyemah ka imah si Kabayan.

"Dagang tahu di pasar, Kabayan," waler si Endul bari nyuruput kopina.

"Ngiluan atuh uing jeung maneh ka kota. Bosen kuring kieu wae kieu wae di lembur. Sugan ari ngilu jeung maneh mah aya parobahan," penta si Kabayan bari mencrong ka si Endul. Pinuh ku pangharepan.

"Nya hayu wae, ngilu jeung uing ka kota. Engke isukan urang rek balik. Maneh rek ngilu bareng atawa kumaha?" Waler si Endul sumringah. Bagja babaturana rek ngilu bareng. Itung-itung teu tiiseun ari aya batur salembur mah. Komo ieu sobat paheut.

"Isukan mah teu bisa. Uing kudu nguruskeun ingon-ingon heula. Nitip ka batur supaya aya nu ngurus. Minggu hareup wae kumaha?" Waler si Kabayan.

"Nya kitu oge hade. Memang kudu beberes heula ari boga inguan mah," tembal si Endul.

"Ari ka kota engke naek mobil naon?" Tanya si Kabayan.

"Ti dieu maneh naek delman nepi ka jalan gede. Engke naek mobil gede warna koneng. Babari, da ngan hiji-hijina nu warna eta. Engke mun geus di terminal, tinggal leumpang saratus meter ka arah kulon, tanyakeun weh ngaran kuring. Pasti arapaleun, moal nyasar," waler si Endul panjang lebar.

"Nya atuh ari kitu mah. Delman, mobil warna koneng, ti terminal lempang ka kulon saratus meter. Kitu lain?" Si Kabayan naros deui pikeun nandeuskeun, bisi salah.

"Enya."
Mobil penggiling jalan

Indit ka Kota

Dibujeng enggalna carita. Poe minggu eta si Kabayan rebun-rebun tos miang ti imah rek nyaba ka kota.

Manehna mawa beas, peuteuy, hayam jeung teu poho nyoren bedog dina cangkengna.

Nuturkeun kana pituduh ti si Endul manehna naek delman nu biasa sok ka pasar. Jalurna meuntas jalan gede nu loba mobil lalar liwat ka kota.

Sanggeus sababaraha waktu manehna anjog di jalan gede. Manehna turun sanggeus mayar ongkos.

Katingali ku manehna jalan gede teh rada butut. Aya dreum hideung, pasir jeung batu di sisi jalan. Kacirina keur diomean.

Harita teh nincak waktu jam salapan. Panon poe moncorong ti wetan. Bengras tur haneut. Alus keur iinditan mah.

Teu lila aya mobil gede jeung warna koneng datang. Puguh weh si Kabayan bungah. "Ieu mobilna," gerentes si Kabayan.

Sanggeus deukeut, mobil eta ereun di hareupeun si Kabayan. Kaciri ngan aya supir hungkul. Ban na gede pisan tina beusi. Eweuh kacaan. Si Kabayan rada heran, "goreng geuning mobil nu rek ka kota teh," gerentes hate si Kabayan.

Tapi kusabab manehna yakin yen ieu mobilna, manehna teu mirosea kaanehan ieu. Clak weh si Kabayan naek da marukan mobil ereun sangaja narik panumpang.

"Kang, bade ka mana?" saur si supir mobil bari semu rada heran.

"Ka kota," waler si Kabayan bari nyimpen babawaan di tukang.

"Oh bade ka kota. Teras bade naon akang numpak stum ieu?" Si supir tambah panasaran.

"Kusabab mobil ieu nu bakal mawa kuring ka kota," waler si Kabayan eces.

"Sanes kang, ieu mah sanes mobil biasa nu nyandak panumpang. Ieu mah mobil stum, paranti ngalereskeun jalan," saur tukang stum bari nyelengeh leutik.

"Lain. Ieu mobil nu rek mawa kuring ka kota. Buru geura pajukeun," jawab si Kabayan bari rada muncereng. Sifat mantangul merekedeweng na mulai ka luar.

"Aduh kang. Sanes. Ieu mah mobil kanggo ngagiles jalan supados rata tur sae. Mobil nu nyandak akang mah sakedap deui dongkapna," saur si supir semu keuheul nahan ambek. Nimu jalma teu daek dibejaan.

"Jeuk aing mobil ieu, nya mobil ieu. Montong loba ngomong, sok geura jalankeun mobilna," sentak si Kabayan. Manehna ngaluarkeun bedok tina warangkana bari ngadek tihang besi anu aya di hareupeunana. Atuh si supir nu tadi nahan ngambek jadi murungkut.

"Muhun kang, mangga," jawabna bari mimitian ngahurungkeun mesin.

Mobil stum jalan lalaunan ngagiles batu anu masih taringgul.

Ningali kaayaan ieu si Kabayan mulai nyadar yen manehna nu salah. Tapi umumna jelema bedegong, jarang aya nu wani ngaku salah. Cicing weh manehna pura-pura teu apal.

Mobil bulak balik di dinya hungkul ge manehna teu wani ngomong atawa nyarek. Da ngarasa salah.

Rek turun asa era. Di mana nyimpen harga diri, gerentes hatena.

Mangka sapopoe si Kabayan cicing teu bisa nanaon. Nepi ka pagawean beres pas sorena, karak si Kabayan turun. Eta ge kusabab si supir geus balik.

Poe harita si Kabayan teu jadi mangkat ka kota. Isukana karak manehna mangkat deui. Ngan henteu megat di belah dinya. Da era tea.

Kieu nu ngarana Cilaka ku polah sorangan teh. Dibejaan teu daek narima. Asa bener sorangan. Nya sangsara sorangan.

Baca oge: Dongeng Basa Sunda Kunaon Maung Bet Belang

Pamiarsa, dupi ka dieu wae carita Dongeng Si Kabayan Saba Kota ieu. Mugia aya hikmah anu tiasa nu dicandak tina ieu carpon. Mangga dikantun heula. Nuhun.
LihatTutupKomentar